Basa Sunda Basana Urang Sunda
"Eulis Saputra"
Ku: Eulis Saputra, Guru SMPN 1 Cimahi
ZONASIONAL - Hiji kareueus keur hiji bangsa upama basa nagarana sumebar tur diaku jadi basa nu legal dipake dina kagiatan-kagiatan internasional.
Can lila ieu basa Indonesia dikukuhkeun jadi basa Internasional nyanding jeung basa lianna nu leuwih ti heula jadi basa internasional, siga basa Inggris, Mandarin, Spanyol, Perancis, Arab, Rusia.
Ieu hal diatur dumasar katangtuan tur kasepakatan dunya. Diantarana lobana penutur nu maké éta basa luyu jeung kaperluan komunikasi antar bangsa.
Pon kitu deui basa daérah, basa Sunda di Jawa Barat.
Basa nu jadi ikonna urang Sunda.
Basa Sunda lain saukur basa gaulna urang Sunda, tapi ogé jadi basa resmina Jawa Barat. Sok dipaké jadi basa panganteb nyelap dina kagiatan-kagiatan resmi, pikeun nandeskeun hiji tujuam.
Kitu deui dina kagiatan di masarakat. Baurna basa daerah jeung basa Indonesia teu jadi soal salila bisa numuwuhkeun rasa kekeluargaan mah. Suasana jadi hegar ku guyonan basa Sunda.
Basa Sunda sok dipapandékeun, identik jeung basa heureuy, basa keuheul, basa rasana urang Sunda dina ngébréhkeun eusi haté, pikir jeung naon rupa nu dikemu dina dirina.
Pangajaran basa Sunda di sakola-sakola di Jawa Barat jadi luluguna keur ngatik budi pekerti dina kagiatan kabahasaan.
Hiji kareueus, dina mangsa kiwari dina pagaliwotana komunikasi, basa Sunda teu ilang komarana.
Di saban tempat remen keneh ngadangu masarakat gunem catur dina basa Sunda
Mieling Basa Indung sa-dunya, diantarana miéling Basa Sunda, lain saukur nyumponan kagiatan seremonial, tapi bari jeung enyana tetep hurip dina pakumbuhan masarakatna.
Basa Sunda teu diwatesanan pamakéna. Kukituna aya harepan sing sakur nu hirup kumelendang di tatar Sunda bisa maham tur bisa komunikasi dina basa Sunda nu pantes tur merenah, di mana baé tempatna. Boh dina suanasa resmi boh dina suasana teu teu resmi.
Basa Sunda bisa jadi kareueus minangka panganteur keur nebarkeun élmu pangaweruh di sakola-sakola. Atawa keur para nonoman nu aktif bergiat dina rupa-rupa kaorganisasian.
Kitu deui keur para inohong, pamingpin urang Sunda.
Henteu isin kacaletot nyarita ku basa Sunda
Dipakéna basa Sunda teu kawatesanan ku rohang jeung padumukan.
Basa Sunda minangka basa qolbu urang Sunda miboga ajen inajen tatakrama jeung kaluhungan budi pekerti.
Pentingna miara tur ngamumule basa jeung budaya Sunda jadi tugas urang saréréa, nu ngaku jadi warga Jawa Barat.
Guru-guru basa Sunda, inohong Sunda, budayawan Sunda, politikus Sunda, pamingpin Sunda, masarakat Sunda jadi kader conto
panyumanget ngahirup huripkeun basa Sunda sangkan tetep jadi basa indungna manusa Sunda.
Dina raraga Mieling Poe basa Indung sa-dunya, 21 Februari 2024 ieu, basa Indung sing jadi alat pangwaris budaya.
Basa indung, lain ukur pikeun alat komunikasi, tapi jadi alat pamekar jeung pangrojong katut alat rékam nu éféktif kana karancagéan budaya lokal (local genius).
Basa teh fenomena sosial.
Di tempat anu teu aya basana, nya tangtuna masarakatna oge moal aya.
Eta téh salasahiji kakuatan jati diri jeung cicirén atawa idéntitas hiji bangsa.
Di Indonesia oge aya ratusan basa Indung .
Kitu deui, di saban nagara miboga basa indung.
Naha disebut bahasa Indung?
Hal ieu teu lesot tina konsep yen sakabeh indung geus komunikasi jeung anakna ti jero kandungan keneh. Ti oorok mula hubungan komunikasi guneman batin indung geus nyambung. Basa Indung diwanohkeun ka jabang bayi boh dina gerentes batin, boh dina cara nepikeun doa-doana
Nya ku lantaran kalintang pentingna basa indung, nepi ka meunang panitén ti masarakat sadunya.
“Poé Basa Indung Internasional” ditetepkeun ku Unesco unggal tanggal 21 Pebruari.
Salasahiji pusaka budaya nu boga ajén penting keur masarakat Jawa Barat téh basa daerah; nyaéta basa Sunda, basa Cirebon jeung basa Melayu Betawi nu masih kénéh hirup tur mekar di masarakat Jawa Barat.
Basa Sunda, jadi jati diri identitas daerah Jawa Barat. Jadi basa Indungna urang Jawa Barat.
Tarékah pikeun ngamumulé, ngamekarkeun jeung ngamangpaatkeun basa daérah-nu sok disebut basa indung téa-geus diatur dina Perda Jawa Barat No. 5 Taun 2003 ngeunaan “Pemeliharaan Bahasa, Sastra dan Aksara Daerah”.
Dipiharep dina poeanana urang sadaya masarakat Jawa Barat dina kagiatan komunikasina boh di sakola, di masarakat atanapi di kantor² instansi pamarentahan ngahajakeun merenahkeun gunemanana dina basa Sunda anu ngetika, tur hadé.
Bersihkeun basa Sunda tina runtah-runtah basa anu teu guna.
Bersihkeun pikir ku guneman anu nyakola
Beresihna pikir, katangen tina ucap anu kaluar jadi budaya sehatna urang sarerea. Tumaninah tur merenah gunem catur bari gumbira sehat tur cerdas maké basana.
Jawa Barat ngabudaya dina basana
Hurip Sunda!!!
Nanjung basa katut budayana
#basasundanu urang#
(Mang Sambas)